Cerita Rakyat Jawa barat : Ciung Wanara

Cerita rakyat ialah dongeng yang hidup dan berkembang di masyarakat. Cerita rakyat dituturkan lewat verbal secara turun temurun. Cerita rakyat biasanya  bekerjasama dengan sejarah di kawasan tersebut, meskipun sering tercampur dengan mitos dan dongeng.

Indonesia sangat kaya dengan dongeng rakyat. Contohnya : Roro Jonggrang, Timun Mas, Si Pitung, Legenda Danau Toba, dan Ciung Wanara. Di bawah ini ialah salah satu dongeng rakyat dari kawasan Jawa Barat, tepatnya dari kabupaten Ciamis yang berjudul Ciung Wanara.

 Ciung Wanara

Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana nuju kakandungan.
Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep orok dewi naganingrum diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.
Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér, tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.
Kocapkeun  di Lembur geger sunten.
Isuk-isuk keneh aki balangantrang geus indit kas sisi walungan rek neang babadon tataheunan lauk anu ditunda kamari. Barang srog ka walungan aki Balangantrang kaget sabab aya kandaga anu nyangsang dina babadon.
“Euleuh-euleuh geuning aya kandaga. Beu.....mana ku alus geuning”
Terus Aki balangantrang nyokot eta kandaga. Barang dibuka, aki balangantrang leuwih kaget deui sabab di jero eta tembaga teh aya hiji orok anu kacida kasepna.” Euleuh, geuning aya orok.deudeuh teuing cu, saha nu tega malidkeun hidep kasep??”pokna deui bari Gancangeta orok téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna , sarta diaku anak.
Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wanara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.
Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.
Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.
Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Di karaton Ciung wanara tepung jeung ratu galuh. Saterusna ciung wanara nangtang ngadu hayam ka ratu galuh
Ratu galuh terus nanya ka ciung wanara naon naon pitumpangeunana.
Ceuk Ciung wanara;” abdi teu ngabantun tumpangan, ngan seja abdi rek tumpangan ku umur bae”
Saur ratu” Hade ari tega mah kana umur, pilawaneunana nyaeta ti kami nagara sabeulah. Ari dilawankeunana hayam maneh jeung hayam kami nu rengge, nyatuna sapoe satunggang, wani atawa henteu?
“Sumangga, ulah bon beurang, dalah peuting ge seja ngiringan”
“ hayu geura pek makalangan, hayam maneh geura bawa, bobotohna patih dua”
Ti dinya der bae diadu. Itu teuneung ieu teuneung. Wani sarua daekna, hayam teh prak bae diabar, silih pacok silih pamatuk, silih gitik ku jangjangna, silih peupeuh ku sukuna, hayam sarua bedasna.
Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna.

Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.
***********************************

Demikianlah Dongeng yang berjudul Ciung Wanara. Menurut para mahir sejarah, dongeng Ciung Wanara bekerjasama dengan sejarah Kerajaan Galuh  yang pernah bangun di kawasan Ciamis sekarang dengan wilayah meliputi adegan timur Jawa Barat dan sebagian kecil Jawa Tengan adegan barat. Tentu saja dongeng itu tidak seratus persen mengandung nilai sejarah. Ada bagian-bagian tertentu yang terdistorsi/ tidak sesuai dengan kenyataan yang sebenarnya.

Sumber https://selalusiapbelajar.blogspot.com

Subscribe to receive free email updates:

loading...